Saur Pangersa KH. Rd. Yahya Muhammadun.
Gajihan heula atawa gawe heula ?
Gawe heula kakara gajihan !
Diajar heula atawa bisa heula ?
Diajar heula kakara bisa !
Masak heula atawa dahar heula ?
Masak heula kakara dahar !
Ngaji heula atawa sholeh heula ?
NGAJI HEULA..!
Matak nu teu ngaji mah moal sholeh
Matak nu teu ngaji mah moal boga elmu
Teu rugi boga èlmu téh
Teu rugi ngaji teh
Dimana boga èlmu, pasti bakal jadi jalma
anu luar biasa, pasti jadi jalma anu agung.
Bahkan dina kitab ihya di ajarkeun :
"Saha jalma anu maot keur nyiar elmu,
maotna bakal jadi ahli surga.
lamun urang nyiar èlmu, indung bapa urang maot.
indung bapa urang maotna bakal husnul khotimah."
Muga-muga urang sadayana sing kersa nyiar èlmu, sing kersa ngaji, sing jadi ahli èlmu, ahli amal,
ahli ikhlas, ahli ibadah ka Gusti Alloh SWT.
Muga ngajina sing Istiqomah parat dugi ka Maot
Muga-muga urang sadayana dirizqian Maot Husnul Khotimah.
Aamiin yaa Alloh yaa robbal 'aalamiin 🤲
#Ngaji #Dakwah #motivasi #Inspirasi #fypツ
Komentar